Senin, 20 Februari 2012

ONCOM, BANTAL KAPUK, JEUNG JURIG TANGKAL AWI

Jaman keur leutik meujeuhna resep ulin, harita kuring sakola tk keneh, kuring boga babaturan nu sok ngajak ulin di luar imah. Kadang kadang ulin teh sok kamalinaan, lamun keur hujan sok milu huhujanan, gogoleran di jalan, sosorodotan deukeut hong cai nepi ka baseuh jibrug saawak awak, perenah oge kuring diajakan anclum ka cikapundung nu kotor cai na atawa ulin jauh ka pabrik kina di cidendo.

Keur aya hujan es, kuring sinarieun ulin sorangan di imah. Harita kuring olohok nempo aya es marakbak dina seng paranti moe baju tuluy we ku kuring dipulungan, diwadahan kana cangkir seng. Basa ditilik tilik si es teh kaburu leeh....kuring lumpat ka imah sabeulah, imahna ua kuring.....ah untung eta es aya keneh disimpen dina gelas urut madu cina. Geuning alus es teh jiga hihideung panon urang.

Sakali waktu ulin sorangan di imah, keur meujeuhna panas poe, indung kuring moe oncom dina baki tuluy diteundeun di luhur kenteng imah meh garing. Kuring tataekan dina beusi  paranti moe baju, leungeun nyekel beusi pamoean tuluy suku kuring ditaekeun ka luhur heup!....burial sirah kuring mecenghul uyak uyek nepi ka awak  ngajungjung tuluy bisa diuk di luhur beusi pamoean eta. Seungit poe oncom nyambuang kana irung kuring  "ah nyobaan hiji mah.." gerentes hate kuring. Oncom teh dihuapkeun...ngenah geuning. 

Lamun keur aya angin, tangkal awi sisi cikapundung tukangeun imah teh sok kadenge merelek daungdaunan ana, meni unggeuk unggeukan tangkal teh katebak angin. Tangkal awi teh gede pisan jeung ngajajar ti mimiti tukangeun imah kuring nepi ka tungtung masigit, rea langlayangan  nu  kajiret ku eta tangkal, tapi mun keur caah walungan, tangkal awi teh loba jasana ngahalangan cai meh teu limpas ka imah.

Kuring keur ngahuapkan poe oncom nu ka opat....kuring turun ti pamoean, tapi aduh! ieu seng nu di elem ku aspal di tempat moe baju teh meni panas nereptep. Suku kuring asa panas kabina bina, tuluy kuring ngajleng ka sisi nu iuh dekeut kenteng. Geus kitu kuring ngilikan eta aspal, gusti meni nepi ka pepelendungan kitu leeh ku panas, seng tea atuh nereptep mun keur halodo tarik mah.

Kuring nempo aya bantal kapuk keur dipoe oge deukeut oncom....dug we sirah diteuleumkeun kana bantal, seungit pisan bantal teh. Katempo tangkal awi teh katebak angin deui. Cacakan beurang eta tangkal teh rada hieum kitu....komo mun peuting....????

Caritana kuring ayeuna mah geus sma, geus mangkak gede. Harita teuing kunaon tangkal awi teh dituar kunu bogana. Sisi cikapundung nu hieum ayeuna mah jadi caang. Kuring ngarasa resep we mun peuting teu sieun teuing nempona, jeung sok rea sora manuk cingcuing na tangkal teh. Nu teu ngeunahna, mun beurang ereng erengan sok leuwih hareudang da langit teh lenglang tina tatangkalan.

Nu teu kaharti ku kuring teh, naha saprak euweuh tangkal awi teh rea kajadian aneh. Tatangga kuring ngariung di tukang sayur bari ngomongkeun rupa rupa kajadian aheng. Ceunah aya nu kukumbah jam 2 peuting padahal imah di tukangeun manehna teh keur suwung jelema da nu boga imah keur ka luar kota. Kuring milu reuwas da kuring oge tadi peuting basa hayang ka cai pek teh kadenge aya nu keur kukumbah meni riweuh pisan, sagala dikumbah.... katel gede paranti hajat, sendok, garpuh, gelas pakotrek disimpenan dina pago...seor seor sora cai tina keran meni teu eureun eureun.....singhoreng teh aya nu hajat di alam lain meureun, jigana mah karajaan mangkeluk eta pindah tina tangkal awi ka imah gigir cikapundung ditukangeun imah kuring. 







Tidak ada komentar:

Posting Komentar